:

1 Babad 26

1

Urang Lewi tukang jaraga Bait Allah, ti golongan Korah: Meselemya bin Kore, kaasup turunan Asap.

2

Putrana tujuh: Kahiji Jakaria, kadua Yediael, katilu Sebaja, kaopat Yatniel,

3

kalima Elam, kagenep Yohanan, katujuh Elyunai.

4

Obed Edom, ku Allah dikurniaan dalapan putra: Kahiji Semaya, kadua Yosabad, katilu Yoah, kaopat Sakar, kalima Netanel,

5

kagenep Amiel, katujuh Isaskar, kadalapan Pehuletai.

6

Semaya putra Obed Edom anu cikal putrana genep: Otni, Repael, Obed, Elsabad, Elihu jeung Semakya, jalma-jalma penting di kalangan golonganana, gede kamampuhna. Anu bakatna pangnyongcolangna Elihu jeung Semakya.

7

(26:6)

8

Ti kulawarga Obed Edom dilengkepan ku genep puluh dua urang, jelema-jelema anu kacida carakepna pikeun ieu pagawean.

9

Ti kulawarga Meselemya dilengkepan ku dalapan belas urang, jelema-jelema anu carakep.

10

Ti kulawarga Merari nya eta Hosa, anu anakna opat lalaki, nya eta: Simri (lain cikal, tapi ku ramana dijadikeun pamingpin),

11

Hilkia, Tebalya jeung Jakaria. Ti kulawarga Hosa anu jaradi pangawal Bait Allah teh kabehna tilu belas urang.

12

Tukang jaraga Bait Allah teh dijieun sababaraha rombongan nurutkeun bilangan kulawarga, kawajibanana nyabak pagawean di Bait Allah ongkoh cara urang Lewi umumna.

13

Saban kulawarga, boh anu bilanganana loba, boh anu saeutik, narik elot pikeun nganyahokeun kudu ngajaga lawang anu mana.

14

Selemya kabagian lawang wetan. Jakaria, putrana anu hade nasehat, kabagian lawang kaler.

15

Obed Edom kabagian lawang kidul, ari putra-putrana kabagian ngajaga gudang-gudang.

16

Supim jeung Hosa kabagian lawang kulon jeung Gapura Saleket di lebah tanjakan. Giliran jagana diatur patuturut.

17

Anu jaga di beulah wetan sapoena genepan, anu di beulah kaler opatan, anu di beulah kidul opatan. Ari gudang-gudang barang, eta oge anu ngajagana opatan, hiji gudang dijaga ku duaan.

18

Anu jaga deukeut papiliun beulah kulon sisi jalan opatan, di papiliunna duaan.

19

Eta bagian jagaan-jagaan golongan Korah jeung golongan Merari.

20

Urang Lewi lianna ngajaga rajabrana Bait Allah jeung gudang-gudang barang hadiah anu geus dibaktikeun ka Allah.

21

Ladan, salah saurang anak Gerson, ngarundaykeun sababaraha rombongan kulawarga, kaasup oge kulawarga Yehiel, anakna.

22

Anak Ladan anu dua deui, nya eta Setam jeung Yoél, dibere kawajiban ngajaga rajabrana Bait Allah jeung gudang-gudang barang.

23

Turunan Amram, Yishar, Hebron jeung Usiel, eta oge aya kawajibanana.

24

Anu jadi kapala nu ngajaraga rajabrana Bait Allah nya eta Sebuel ti golongan Gersom bin Musa,

25

wargi keneh ka Selomit rerehan ti Elieser saderek Gersom, jujutanana: Elieser puputra Rehabya, Rehabya puputra Yesia, Yesia puputra Yoram, Yoram puputra Sikri, Sikri puputra Selomit.

26

Selomit sakulawarga kabagian ngajaga barang-barang hadiah anu ku Raja Daud, ku kapala-kapala kulawarga, ku para pamingpin rombongan warga-warga jeung ku para panglima geus dibaktikeun ka Allah,

27

nya eta sabagian tina barang jarahan perang, anu disucikeun pikeun digunakeun di jero Bait Allah.

28

Selomit sakulawarga kudu ngajaga sagala rupa barang anu geus disucikeun pikeun pakeeun di Bait Allah, kitu deui barang-barang pangbakti ti Nabi Samuel, ti Raja Saul, ti Abner bin Ner jeung ti Yoab bin Seruya.

29

Urang Lewi ti turunan Yishar, Kenanya sapala putra kapapancenan ngurus catetan-catetan jeung nguruskeun sual panyerewedan antara urang Israil.

30

Ti turunan Hebron, Hasabya katut sanak barayana sarebu tujuh ratus urang jalma-jalma anu aya kasebutna, kapapancenan nguruskeun sual-sual kaagamaan jeung urusan pamarentahan di Israil anu di kuloneun Walungan Yordan.

31

Jalma-jalma turunan Hebron dipingpinna ku Yeria. Waktu diayakeun pamariksaan dina taun kaopat puluh Daud jumeneng raja, kanyahoan yen di kulawarga-kulawarga turunan Hebron loba prajurit anu garagah, caricingna di Yaser, wewengkon Gilad.

32

Ti sanak baraya Yeria, Daud nyandak dua rebu tujuh ratus jelema penting kapala-kapala kulawarga, disina ngurus sual-sual kaagamaan jeung urusan pamarentahan di Israil wetaneun Walungan Yordan, nya eta di wewengkon-wewengkon Rubin, Gad jeung Menase Wetan.

Link: